Manggih OA apaaisia:(
Manggih OA
apaaisia:(
Kaulinan anu
dipikaresep ayeuna mah nyecroll timeline atanapi status geuning. Nah urang teh
tumben2an muka line. Tidinya babaturan urang ngalike post-an ti OA apaaisiaL. Eusi na emang
geunah dibaca. urang teh nga-add weh eta OA.
.
.
Teu biasa na
urang lila-lila muka line. Apan nu chat na oge emang OA kabeh. Pan hoream ai
muka wae mah. Oh enya fyi anu teu peunting keur maraneh, urang teh ker gering.
(gering=sakit). Geus tilu poe awak teu paruguh, ningta demam urang teh. Awalna
mah gara-gara nyeri tenggorokan. Boa dehidrasi , karena minum sedikit pisan. Bisi
beser, soalna dalam perjalanan ti semarang ka Bali, opat poean lah. Balik-balik
ti Bali urang the beberes tuluy hibernasi. Asli carangkeul pisan, hayang sare.
Poko na mah sudah merindukan kamar kos pisan sapanjang jalan teh. (jadi jalan2
di Bali eta jeprat jepret popotoan. Teu mood pisan asli na). Tibra urang the
sare. Pas siang-siang kawasna hujan ngagebret, urang mah sare weh jeng sare.
Padahal mah tos lapar, ningta hujan nu jadi alasan magerna.
Kaisukanna na,
semua mata kuliah menta di liburkeun. Lantaran masih loba nu pulkam keneh jeung
loba anu carangkeuleun. (disitu urang merasa ai kuliah mah ngeunah, bisa ngatur
jadwal jeng dosen, asal aya kasepakatan nu dijieun barudak kelas. Pokna merdeka
lah mahasiswa teh. Walau tungtung na dibere tugas. hm). Walaupun libur tapi
urang mah tetep we ka kampus. Aya we anu kudu di selesekeun, nya kudu ngelab
tuluy agenda ti organisasi.
Ohiya. Aya
duaan rencangan urang nu tepang taun. Tepatna di hari kadua bulan april. Teu
special emang, da lain martabak special atuh. Sabenerna basa di gedong kumpulan
aktipis mahasiswa urang the panggih, manehna ker make sapatu. Omat keneh
manehna ker “happy borojol” tapi engke weh ngucapkeun di chat. Nu hiji deui mah
masa kirang keneh tos diucapkeun di chat kudu kitu urang ngucapkeun langsung.
Yawla. Ultah the makin olo-olo.
Rebo tanggal
beureum. Tetep indit ka kampus? Tetep. Nya kitu weh rapat jeng rapat. Hoream.
Jaba ti isuk nepika siang can beres keneh. Urang teh mulai lieur jadi ijin ka
ruang sabelah, nyelesekeun hiji misi deui, nyeta ngeprint surat. Maneh apal
teu? Di revisi. Jadi lebih sederhana sih, tidak sulit. Ngan eta weh si lepi jol
adat-adatan, make jeng kursor na nge-frezze, jadi urang tur melong jeng melong.
(kela-kela,
naha cerita manggih OA apaaisia the salila eta? jadi menceritakan latar
belakang na heula ngarah, urang bisa mengungkapkeun eusi hate lewat tulisan
ieu. Jol Bahasa ti OA apaaisia kababawa. Ha)
Oke lanjut..
Entah naon anu
dikerjakeun. Pokonamah lila pisan nepikeun ka maghrib na aya di pkm teh. Hujan
nu ngagebret gede geus raat. Alhamdulillah na rengse oge eta surat cinta. Eh surat undangan ketang. Trus pulang na dianterin sama mbak kahim ku.
(libur libur artina sagala kegiatan ukm dikerjakan pada hari libur? Iraha atuh
ya aku SO nya. Hm).
Tilu poe
berturut-turut, sok aya wae rapat bada magrib. Jaba angina gede jeng sok hujan
tiba-tiba. Cuaca nu teu tangtu, membuat tumbang. salila tilu poe urang di kos hungkul, sabari macaan tulisan oa apaaisia:(. macana teh nano-nano pisan. kadang sok ngakak sorangan, apan ciga kumaha kitu mun dipikir-pikir deui mah. ieulah efek ti peran hp, nyieun autis. tulisan na sederhana pisan, kahirupan sahari-hari jeung babaturan, keluarga jeng lingkungan. N terus berkarya terus mimin oa apaaisia:( ngahibur pisan lah.
intina mah kudu ngajaga kasehatan. jaga pola makan, harus teratur makannya dan perhatikan kandungan makanannya. bergizi dengan sayur dan buah-buahan.
fyi, oa apaaisia:( ini menggunakan bahasa sunda ya, jadi kalo mau baca tapi engga tau artinya nanti cerita-cerita tulisannya itu kesannya sedih.
-2/4/IL

Komentar
Posting Komentar